Translate

Kamis, 26 April 2012

BASA SUNDA

WARTA BASA SUNDA

NGAMUMULE LINGKUNGAN
           
            Uar Panyeluk Departemen Kahutanan ”Kecil menanam, dewasa memanen” kiwari geus mimiti kateuleuman ku masarakat sanajan tacan maksimal. Nurutkeun Mentri Kahutanan MS. Kaban, kudu terus disosialisasikeun supaya ulah jadi slogan wungkul, tapi kudu gancang dilaksanakeun dina kanyataan. Masarakat kudu saladar kumaha pentingna nangtayungan leuweung ngamumule lingkungan supaya bisa leupas tina ancaman caah jeung longsor dina musim hujan, kagaringan dina usum halodo, akibat leuweung gundul. Nya gundulna teh pagawa manusa.
            Musibah alam saperti longsor jeung caah nu kajadian ahir-ahir ieu ngabuktikeun di lemah cai kaayaan ekologi geus henteu saimbang deui, akibatna lamun kajadian hujan ngagebret taya eureunna, cai ngagewor ka landeuh taya hahalang deui sabab gundul tea, longsor geus hamo pisan dicingceutkeun deui.
            Salah sahiji panyabab timbulna musibah caah jeung longsor, meuweuh maceuhna illegaloging. Karugian anu ditimbulkeun ku musibah alam akibat rusakna leuweung, jauh leuwih gede jeung menta korban jiwa anu leuwih loba batan tragedi kamanusaan anu sejenna.
            Kulantaran kitu, Mentri Kahutanan cumeluk, teu bosen-bosen ngelingan sangka leuweung nu gundul gancang hejokeun deui, illegaloging musnahkeun ku hukum anu beurat, ulah dibere ampun lantaran eta ngalantarankeun datangna mamalah teh.
            “Nuar hiji, melak sapuluh”. Eta nu kudu dilakonan ayeuna, memeh musibah datang deui leuwih rongkah.

(Dicutat tina Mangle No.2173)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar